Saturday, June 2, 2012

Lirik Lagu Dangdut Asih - Evie Tamala

Munggaran kedal cintana, 
cenah bumi jeung langit saksina. 
Tapi bumi langit eta keneh, 
cintana duka kamana.
Harita tigin jangjina, 

cenah cinta keur kuring sorangan. 
Tapi sanggeus hirup babarengan, 
cintana duka keur saha.
 

*Cinta, di ayun kaheman di uji tangtungan.
Cinta, rasa was was rasa kangen awor jeng hareupan.
Horeng kitu ari asih, 

horeng kitu ari cinta. 
Tepung di rungum mamanis, 
papisah pinuh kapeurih.
Cinta, digoda ku rupa ku harta ku tahta.
Cinta, jodo pati jeng cilaka takdir ku kersa Na.

No comments:

Post a Comment