Saturday, June 2, 2012

Lirik Lagu Dangdut Emut Heula - Evie Tamala

Estu sanes maksad abdi nampik pangersa salira. 
Duh henteu aya maksad ngalalangkungan.
Mugi ulah lepat sangki tangtos salira uninga, 

boh bilih abdi janten pamengan.
Kaasih lilir teu mungkir,

katresnan teu wasa nilar. 
Estu abdi nyanggakeun sabalakana.
Nanging sok sanaos kitu, 

mugi ulah janten bendu. 
Langkung sae mah diemut heula.
 

* Emut heula ku salira, 
mungguh abdi batan sakieu buktosna.
Emut heula ku salira, 

abdi rempan sok inggis janten mamala.
Emut heula mangga geura emut heula, 

bilih hanjakal dina akhirna.
Tangtos isin mah kantenan,

rumaos diri miheman. 
Naha atuh dabongan urang patepang. 
Rumaos abdi tibelat da mungguh kapiduriat, 
nanging teu luput tina salempang

No comments:

Post a Comment