Saturday, June 2, 2012

Lirik Lagu Dangdut Rungsing - Evie Tamala

Kalimpudan indung peuting nu ngadingding. 
Rehe simpe taya sora nu sumanding. 
Lir poekna hate abdi rungsing pusing, 
gulang guling di kamar nyorangan.
Hawar-hawar ngagelikna sora suling. 

Jiga-jiga nu ngajakan ngahariring. 
Ngirim beja, beja hate ti panutan, 
diri rungsing mikiran nu didagoan.
Poe deui, minggu deui, bulan deui. 

Taya hibar banglilipur ti manehna.
Kembang-kembang nu nyambuang ngadalingding, 

kiwari tos ngawitan layu muguran.
Lara diri balas mikiran panutan, 

batin nyeri taya pisan papadana.

No comments:

Post a Comment